Prihatin? Ciyus?

Urang mah sok prihatin ka pergaulan barudak jaman ayeuna, lamun saumpama ditanya :
"Mau kemana?"
Ngajawabna teh:
"Kasih tau ga ya, ?"

Padahal urang teh hirup ngan ukur sementara, urang pasti maot. Urang mah sok watir, paur jadi kabiasaan anu goreng..

Sok, bayangkeun coba, di alam kubur engke, malaikat pasti nanya tah:

"Siapa Tuhanmu?"
dijawabna : "Kasih tau ga yah?"

"Siapa Nabimu?"
dijawab : "ih kepo banget sih.."

Lamun malaikat ngomong : "Saya masukan kamu ke neraka!"
Maenya erek dijawab: "ciyus ? miapah?"

"kamu tidak tahu pedihnya api neraka!"
dijawabna leuwih parah : " Terus gue harus koprol sambil bilang woow gitu...".

(Tuh barudak ngora, dangukeun, sing balener atuh lah make bahasa teh, make bahasa Indonesia yang baik dan benar, lamun teu bisa nya bahasa Sunda yang sae jeung alus.)


EmoticonEmoticon